Juragan Wikanta :
kebon enteh anu makplak hejo sapanjang tetenjoan, hawa anu masih seger teu hapeuk ku polusi siga di kota gede. kahirupan anu pinuh ku kakulawargaan, dimana antara hiji warga jeung warga nu lain pada wanoh, teu pa aing-aing. kahirupan desa anu jauh tina pangaruh globalisasi siga di kota.
kebon enteh anu sakitu legana teh kabogaan Juragan Wikanta, jalma beunghar anu bru dijuru bro dipanto ku pakaya, juragan anu bageur kacida jeung dipihormat ku warga anu lainnna. juragan wikanta boga anak ngan hiji-hijina, ngarana ningrum. wanoja anu kawilang geulisna, teus siga bapana anu cakeutreuk hideung, ningrum mah bodas da nurun ka indungna anu geus tiheula nyinghareup nu nyipta.
kulawarga juragan wikanta geus ninggalkeun alam dunya, dina hiji peuting imah juragan wikanta dirampog...eusina di ringkid sedengkeun juragan wikanta di rogahala, kitu oge nyi ningrum nu keur neuhneur teh di gadabah terus di rogahala.
kiwari, imah juragan wikanta geus tara aya nu negusian. sabab musababna mindeng pisan kabejakeun di imah eta juragan wikanta sok ngadon nembongan kanu nyicingan imah. kadang-kadang mun peuting sok aya nu ngawangkong, nu ceurik atawa ngadon leuleumpangan. teu saeutik usaha tiwarga pikeun nyampurnakeun juragan wikanta jeung nyi ningrum, tapi sakabeh dukun anu di pentaan tulung teu aya nu sanggup. antuknamah, imah eta teh di antep teu ka urus.
dina hiji waktu, lima urang mahasiswa ti kota ngadon ngayakeun panalungtikan di kampung panyingkiran da puguh kampung teh jauh timana-mana jeung masih keneh tinggaleun komo dina hal pangwangunanmah. lima mahasiwa etateh udin, mi'un, juned, ujang jeung edod.di antara lima jajaka eta, edod katelah jajaka anu gede kawani jeung sompral.
saprak datang ka lembur payingkiran, lima mahasiswa di tarima ku lurah jeung dituduhkeun ka imah kosong urut juragan wikanta. sanajan opat masasiswa wegah pikeun nyicingeuna tapi da eweuh deui pilihan. di lembur eta hiji-hijina imah kosong jeung gede ngan imah eta. atuh kapaksa opat mahasiswa narima kaayaan eta da puguh butuh pikeun mereskeun KKN. lain deui si edod, si edod mah malahan atoh di bere imah etateh, wangun anu sugema pisan si edod teu eureun-eureun ngacapruk bari jeung sompral. "Keun we make jeung sieun ku jurig sagala, mun aya jurigmah ku uink di ajak ulin..." pok nateh, puguh nu opatan ting haruleng bari garo-garo teu ateul...
Harita malem jumaah kaliwon, siedod jeung babaturana ngayakeun acara di bale desa pikeun nerangkeun maksud jeung tujuan maranehna datang ka eta lembur. masarakat satempat wangun nu sugema pisan, da puguh program lima mahasiswa teh alus pisan jeung bisa ngabantu masarakat pikeun ningkatkeun kahirupanna. ahirna, sanggeus ditarima barudak mahasiswa pamit rek mulang ka imah jeung sakalian rek nyusun rencana kagiatan nu rek dilakukeun keur nunjang kana program dijanjikeun. harita jam geus nunjuk jam 11 peuting, bari dicaangan ku obor edod jeung baladna leumpang mapay jalan leutik nu aya disisi lembur, jalan etateh jalan anu pang deukeutna ka imah tempat maranehna mondok.
ditengah jalan, teu puguh-puguh obor nu dibawa teh ngadadak pareum...padahal harita euwueh angin. Udin, salah sahiji mahasiswa langsung ngagorowok bari ngacapruk "embah, hapunten embah, abdimah teu wantun, abdimah dongkap kadieu teh sanes bade ngaganggu embah, punten pang hurungkeun deui ieu obor....", oborteh hurung harita keneh sanajan teu dikukumaha? puguh kabeh anu aya didinya ngan bati hookeun ningali kaanehan teh....
pak samad, salah sahiji hansip nu jajap eta mahasiswa langsung ngomandoan pikeun neruskeun lalampahan, pok nateh "Cep, hayu ah urang lajeungkeun deui bilih wengi teuing?", tampa nunggu jawaban timahasiswa pa samad langsung ngalengkah bari gura giru da puguh manehna oge sieun...
sanggeus lempang kurang leuwih satengah jam, ahirna nepi oge ka imah. pas pa samad jeung pa omon rek pamit pikeun balik deui ka lemburna, udin nyaram jeung menta pa samad jeung pa omon ngilu mondok. alesanamah maranehna rek begadang ngagawean program tea jeung kudu dibaturan. ahirna pa samad jeung pa omon nurut kana kahayang udin da puguh manehna oge miris pikeun balik deui komo sanggeus ngalaman obor pareum.
kira-kira wanci tengah peuting, kadenge sora nu ceurik ti dapur. puguh we kabehan nana ting parelong bari jeung teu paruguh rarasaan. alah naon deui ieu teh, ceuk udin nu katingali pisan pang geumpeurna diantara jalma nu aya didinya. edod, ieu gara-gara maneh sompral jadi we daratang? puguh edod ambeukeun ngadenge kitu teh, tapi dalah dikumaha wawanen anu sakitu diumbar saacana dumadak leungit, tuur edod noroktok bari ngadaregdeg. pok nateh, embah...hapunten abdi tos kumawantun. ayeuna abdi percanten yen embah teh aya....
sapeupeuting euweuh nu ingkah tina pangdiukan dan puguh pasieun-sieun. wanci subuh kadenge sora adzan, najan hawar-hawar kadengena tapi cukup pikeun malikeun deui wawanen edod saparakanca. pa somad, cep hayu urang netepan heula sakantenan urang mendakan pa kiyai? bari terus we ngalengkah kalawang panto, edod jeung nu lainna oge milu nuturkeun tukangeun pa somad.
disambung ka payun.....
Selasa, 30 Desember 2008
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar